Si
Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh,
Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék
ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal
nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala.
Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah,
moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku
Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus
kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
Meunang Tips Menarik Anu Unggal Poé!
- Meunang tip sareng trik anu anjeun henteu kantos terang
- Janten jalma anu munggaran terang kana hal anyar dina dunya téknologi
- Kéngingkeun Ebook Gratis: Kumaha Meunang 200 Juta / sasih ti AdSense
0 Response to "Si Kabayan Ngala Nangka"
Post a Comment
Catetan kanggo Nu Maca