Gondang Sunda

Gondang Sunda
Seni gondang Sunda nya éta  anu mangrupa budaya sunda warisan ti karuhun anu kungsi kawentar sababaraha taun katukang. Gondang, mangrupa salasahiji kasenian  anu némbongkeun ciri masarakat agraris  pikeun ngungkarakeun rasa sukur ka Nu Maha Kawasa sabada panen. Biasana seni gondang buhun dipintonkeun jang sukuran kana hasil panen anu dihasilkeun. Mimitina ondang mangrupa bagéan tina upacara pikeun ngahormat ka Dewi Pare, Nyi Pohaci Sanghyang Sri, nalika nutu paré nu munggaran biasana disebut meuseul nysi sri, sabada panén lekasan salaku ungkapan rasa bungah, tapi ogé mangrupa hiji kasempetan jang nu ngarora pikeun meunangkeun papancangan. Anu sok ngagondang nya éta wanoja anu dianggap suci atawa nu geus teu menstruasi (menopause ).

Gondang nya éta kasenian anu prakprakana téh nakolkeun Haku kanaLisung, nutu Pare sabari ngahaleuang. Numutkeun Dana Dibrata mah gondang téh nya éta lagu dina tungtungan, ngagondang mah nya éta kakawihan dipirig ku tutunggulan; lagu ngagondang kadéngéna ngalengis, basa-basana muji PARE nu keur ditutu; ngagondang sok dilakukeun ku mojang-mojang bari mikat jajaka nu keur milih pipamajikaneun.Salahsahiji ciri gondang nya éta ayana kagiatan tutunggulan maké halu jeung lisung. “Tingtung tutunggulan gondang” hartina sora-sora anu kadéngé tina paaduna halu jeung lisung anu dipaénkeun ku sababaraha jalma, nepi ka ngahasilkeun sora-sora anu ‘polyponis

Anapon alat-alat nu dipaké nalika ngagondang nya éta lisung, halu, kacapi, kendang, goong, kohkol, jeung angklung buncis.
·         Lisung nya éta pakakas paranti nutu pare, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung liang pasagi opat panjang
·         Halu nya éta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.
·         Kacapi nya éta tatabeuhan anu sok dipaké ku tukang pantun atawa dina Tembang Cianjuran.
·         Kendang atawa gendang nya éta kendang gedé anu raraatna kénca-katuhu sarta pageuhna disambungkeun ku karawat jeung tengah-tengah kuluwungna saperti nu melendung.
·         Goong nya éta ngaran tatabeuhan dina gamelan,digantungkeuna dina gayor atawa kakanco ari disadana ditakol,sorana gung.
·         Kohkol atawa kohok ditakol nya éta kai atawa awi beunang noblongan panjang ka handap.
·         Angklung Buncis nya éta tatabeuhan tina awi ari nyoarana kudu digebeg-gebeg anu laguna lagu kacang buncis,.Cara maénkeuna ku sababaraha urang antay-antayan bari nyarekel angklung di kawihan.

Prakprakan nana nyaeta Sababaraha wanoja nutu pare maké halu kana lisung, tuluy sababaraha jajaka datang. Nalika paamprok antara jajaka jeung wanoja aya paguneman bari dihaleuangkeun bari silih heureuyan, anu tungtungna éta jajaka téh balikna sapasang-sapasang

Sajarah

Meunang Tips Menarik Anu Unggal Poé!

  • Meunang tip sareng trik anu anjeun henteu kantos terang
  • Janten jalma anu munggaran terang kana hal anyar dina dunya téknologi
  • Kéngingkeun Ebook Gratis: Kumaha Meunang 200 Juta / sasih ti AdSense

0 Response to "Gondang Sunda"

Post a Comment

Catetan kanggo Nu Maca
  • Punten tinggalkeun jejak anu luyu sareng judul tulisan.
  • Henteu kéngingkeun promosikeun barang atanapi ngajual.
  • Entong ngalebetkeun link anu aktip dina koméntar.
  • Komentar sareng tautan aktif bakal dipupus sacara otomatis
  • *Mairan saé, kapribadian anjeun ngagambarkeun nalika masihan koméntar.

Iklan Tengah Post

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel