si Kemed Jeung Buta Hejo

si Kemed Jeung Buta Hejo
Kusabab sim kuring nulis dina hp, geus pasti sapotong deui, kanggo salengkepna klik we Situs Abdi Ciherang bisa disebut hiji kampung bau lisung. Alesanna, can kabeh pangeusi lembur wawuh jeung barang-barang teknologi samodel computer, leptop, oge internet. Komo kana ngoperasikeunna mah. Sok sanajan Mang Ohi geus bogaeun iPAD, ceu Eha ullukutek jeung iPHONE 4, tapi lamun dibandingkeun jeung anu can apaleun kana barang teknologi mah teu satai-tai kukueunna acan. Sanajan kitu, ari kana informasi mah urang Ciherang teu eleh kanyahona ku urang kota, pedah anu ngaranna televise jeung radio mah ampir dipiboga ku kabeh pangeusi lembur. Kasus-kasus gede anu karandapan ku nagara ieu geus abus informasina ka kampung Ciherang. Malahan sok kadenge sababaraha obrolan urang lembur keur ngabahas kasus-kasus gede eta. 
Di warung ceu Iki atawa di Warung ceu Juju, sok rame kadenge pacental-centalna anu ngawarangkong. Kusabab informasi anu saolah-olah dideudeutkeun kudu abus ka eta kampung, pangaruhna gede pisan kana kahirupan masyarakatna. Si ahmad hayang dibeureuman buukna, ceunah nurutan bintang film Hollywood. Neng A'ah hayang ganti ngaran jadi Angel, si Koni mah anah Kang Kohar kamari nepika ceurik auk-aukan da hayang ulin ka dayeuh hayang meuli hamburger. Aya parobahan ieu mangrupa hiji hal anu lumrah, lamun ceuk basa deuengen mah konsekwensi logis tina kamajuan zaman jeung pasiweurna informasi. Keur anu boga sikep bijak mah, ieu teh kudu disanghareupan kalayan adil. 
Asa mustahil lamun kudu nutup diri, ngajadikeun Ciherang kampung anu ngaisolasi diri tina kamajuan zaman, pasti bakal katinggaleun jauh meureun ku wilayah-wilayah sejen. Tapi, sabagean kolot mah ngarasa sieun oge ku pasiweurna ieu kamajuan. Maranehna sieun lamun anak incuna geu teu bisa ngajaga deui kana budaya jeung kabisaaan urang lembur anu memang geus bisaa dilakukeun ku urang lembur. Salah saurang anu ngarasa ringrang ku kamajuan zaman nyaeta Haji Sukri, hiji kokolot lembur sobat dalit Mang Ohi. Ampir uranggal pangajian jeung mingonan manehna ngawawarkeun ngeunaan bahayana lamun urang ngokojokeun teuing diri kana kamajuan zaman. Malah sok disingsieunah urang kampung ku siksaan pangeran, ayanan sabaraha kajadian samodel lini, gunung bitu, jeung banjir teh kusabab kalakuan urang anu ngagulkeun teuing hawa nafsu jeung pipilueun teuing kana kamajuan zaman. 
Beda pamadegan jeung si Kemed. Si Kemed hiji kolot anu teu boga karingrang lamun kamajuan zaman hiji hal anu ngajadikeun ngambekna pangeran ka manusa. Pamadeganna rada bijak oge, kumaha manusana ceunah, pesto loge lamun dicekelna ku pulisi mah jadi mangfaat, beda lamun eta pestol dicekelna ku rampog atawa begal. " Najan dewek jalma bolostrong, suwung ku elmu suda ku pangabisa, tapi dewek mah teu wani ngahubungkeun azab pangeran jeung kamajuan zaman." Ceuk si Kemed dina hiji waktu bari pepeta. Siga anu pangpinterna dina eta riungan. Di warung ceu Juju aya Kang Endok, Mang Karna, jeung Aki Ihin. " Moal enya urang hirup teh kudu miindung ka mangsa bahuela, kudu make bendo, make samping, keris ditogelkeun dina cangkeng, beuhh
Carita

Meunang Tips Menarik Anu Unggal Poé!

  • Meunang tip sareng trik anu anjeun henteu kantos terang
  • Janten jalma anu munggaran terang kana hal anyar dina dunya téknologi
  • Kéngingkeun Ebook Gratis: Kumaha Meunang 200 Juta / sasih ti AdSense

0 Response to "si Kemed Jeung Buta Hejo"

Post a Comment

Catetan kanggo Nu Maca
  • Punten tinggalkeun jejak anu luyu sareng judul tulisan.
  • Henteu kéngingkeun promosikeun barang atanapi ngajual.
  • Entong ngalebetkeun link anu aktip dina koméntar.
  • Komentar sareng tautan aktif bakal dipupus sacara otomatis
  • *Mairan saé, kapribadian anjeun ngagambarkeun nalika masihan koméntar.

Iklan Tengah Post

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel