Ombak Tunggara
Benang nu peugat
Babari mun di tumbukeun
Kaen nu soeh
Babari mun di kaputan
Hate nu raheut
Ieu mah hese ubarna
Beurang peuting hulang huleung
Geuring pikir
Duh ku teu sangka
Anjeun teh geuning ku tega
Meugatkeun cinta
Abong-abong kanu hina
Hanasmah kuring
Mika cinta sageumleungna
Duh kiwari geuningan jadi ka nyeuri
Mun beurang teu ngeunah dahar
Hate raheut nyanyautan
Mun peuting sok gulang – guling
Anjeun ku tega neng teuing
Duh … ngojayan sagara cinta
Kabawa ombak tunggara
Duh … teu daya maksakeun cinta
Rumasa jalma teu boga
Meunang Tips Menarik Anu Unggal Poé!
- Meunang tip sareng trik anu anjeun henteu kantos terang
- Janten jalma anu munggaran terang kana hal anyar dina dunya téknologi
- Kéngingkeun Ebook Gratis: Kumaha Meunang 200 Juta / sasih ti AdSense
0 Response to "Lirik lagu yayan jatnika - Ombak Tunggara"
Post a Comment
Catetan kanggo Nu Maca